Cika-cika0 P.90 C
| Cika-cika | |
|---|---|
| Cika-cika[1] | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | Animalia |
| Filum: | Arthropoda |
| Kelas: | insékta |
| Order: | Coleoptera |
| Suborder: | Polyphaga |
| Infraorder: | Elateriformia |
| Superfamily: | Elateroidea |
| Kulawarga: | Lampyridae Latreille, 1817 |
| Subfamilies | |
|
Cyphonocerinae | |
Cika-Cika nyaéta ngaran sato sagedé béas anu bisa hiber, ari hiberna ti peuting bari ngaluarkeun cahya ketap-ketip [2]. cika-cika nu bikangna disebut kunang-kunang [2]. Kunang-Kunang nyaéta cicika atawa Cika Cika bikangna[2]. kunang-kunang henteu ketap-ketip siga cika-cika jaluna, tapi mineung ngabaranyay waktu hiber[2].
Karakteristik[édit | édit sumber]
Cahya cika-cika pohara jiga jenis-jenis cahya séjén, iwal ti cahya éta dihasilkeun tanpa panas [3]. Jenis cahya ieu dingaranan "luminescence"[3]. Dina cika-cika, cahya luminescence dihasilkeun ku hiji zat anu dingaranan "luciferin"[3]. Zat ieu ngahiji jeung oksigén pikeun ngahasilkeun cahya[3]. Tapi réaksi ieu moal lumangsung kajaba lamun aya zat séjén, nu dingaranan "luciferase"[3]. Luciferase téh minangka katalisator, nyaéta zat éta mantuan lumangsungna reaksi kimia, tapi lain mangrupa bagian ti réaksi kimia éta[3]. Dina harti séjén, cika-cika miboga zat-zat luciferin sarta luciferase di jero awakna[3]. Zat luciferase nyieun zat luciferin bisa meuleum sarta ngahasilkeun cahaya[3].
Cahya cika-cika ieu bisa mantuan cika-cika pikeun néangan papasanganana.[3] Maksud séjén ti cahya cika-cika meureun nyaéta minangka bewara ka manuk-manuk anu néangan dahar peuting.[3] Ku kituna manuk-manuk éta bisa nyingkahan kunang-kunang.[3]
Para Ilmuwan masih ngarasa yén sabenerna maranéhanana henteu nyaho naha cahya-cahya ieu penting pikeun kunang-kunang, alatan pedaran nu disebatkeun éta kasampak teu penting.[3] Maranéhanana mikir yén cahya éta téh meureun mangrupa produk sampingan ti prosés kimia séjén anu lumangsung di jero awak cika-cika.[3]
Rujukan[édit | édit sumber]
- ↑ Cirrus Digital Firefly Photuris lucicrescens
- ↑ a b c d Danadibrata,R.A.2006.Kamus Basa Sunda.Bandung:Kiblat Buku Utama
- ↑ a b c d e f g h i j k l m (id) Leokum, Arkady(1997) Aku Ingin Tahu Jilid 1 Jakarta:Quality Press
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |